“Mugi Basa, Seni, Sareng Budaya Sunda Terus Dimumulé” — Kadisdik Subang Hj. Nunung Suryani dina FTBI Jawa Barat 2025
Warta In Jabar, Subang – Kapala Dinas Pendidikan Kabupatén Subang, Hj. Dra. Nunung Suryani, M.Si., ngedalkeun rasa syukur jeung ngahaturkeun nuhun ka sakumna pihak anu parantos nyukséskeun Festival Tunas Basa Ibu (FTBI) tingkat Provinsi Jawa Barat taun 2025 anu lumangsung di Hotel Horison, Bandung, ti tanggal 6 nepi ka 10 Oktober 2025.
“Hatur nuhun kasadayana pamilon anu parantos tandang makalangan di tingkat provinsi, oge ka para pangaping, kepala sakola, pengawas, korwil, sareng sadayana anu parantos nyukseskeun FTBI 2025. Hatur nuhun sagala rupa tarekah sareng pangorbananana. Mugi-mugi basa, seni, sareng budaya Sunda tiasa teras dimumulé, dipikacinta ku urang sadayana, utamana ku para nonoman Subang hususna,” saur Hj. Nunung dina kasempetan éta.
Kagiatan FTBI anu diiluan ku perwakilan kabupatén jeung kota sakuliah Jawa Barat ieu lumangsung kalayan lancar, tertib, jeung meriah. Salila lima poé, para pamilon mintonkeun tujuh rupa lomba anu tujuanana pikeun ngamumulé jeung ngamekarkeun basa daérah di tatar Sunda.
Kabupatén Subang ogé ngahasilkeun prestasi anu matak reueus dina FTBI tingkat SD taun 2025 ieu, nyaéta:
1. Aysel Melodi Shirly – Juara 1 Lomba Dongéng
2. Badar Abdul Rahman – Juara 2 Lomba Borangan
3. Muhammad Alvin – Juara 3 Lomba Biantara
4. Azhar Maulana Ridwan – Juara Harapan 1 Lomba Ngarang Carpon
5. Raihanun Fujia R – Juara Pangajén Husus
Ku hasil éta, Hj. Nunung ngarepkeun sangkan prestasi para siswa jadi inspirasi pikeun sakumna sakola di Subang.
“Insyaallah ku sumanget ieu, urang Subang tiasa terus ngajaga jeung ngamajukeun basa Sunda minangka jati diri urang Sunda,” pokna.
FTBI 2025 henteu ngan saukur lomba, tapi ogé mangrupa ajang silaturahmi jeung pangéling-éling pikeun ngagedékeun rasa mikacinta kana basa jeung budaya Sunda di kalangan nonoman.